Percaya Lyrics | Dilirikin | Provides a wide range of lyrics ever

Percaya Lyrics

Percaya Lyrics Sok sanaos hirup dugika tutupna Percaya diri kagungan salira Sawangsulna salira kuring nu boga Hamo pecah sanaos d...

Percaya Lyrics


Sok sanaos hirup dugika tutupna
Percaya diri kagungan salira
Sawangsulna salira kuring nu boga
Hamo pecah sanaos dugika mangsa

Percaya salira tuhu mitineung
Buktosna kadieu karaos keueung
Percaya salira tuhu miheman
Buktosna kaasih taya kendatna

Sok sanaos urang teu ngahiji diri
Patarenggang teu pagiling gisik diri
Sewang-sewang urang aya nu mibanda
Tapi jisim lembut tetep sasarengan

Cacak ringkang teu dipasieup ku urang
Percaya urang mo bakal paanggang
*Diri surti tebih tina kecap cukup
Yu tawekal nohonan kameumeut hirup.