Tati Saleh Lyrics | Dilirikin | Provides a wide range of lyrics ever

Tati Saleh Lyrics

Hariring Kuring Lyrics Tengah peuting keur jemplang jempling Kuring nyaring teu ngenah cicing Hate melang sumoreang Kawih ati nu lawas ...

Hariring Kuring Lyrics


Tengah peuting keur jemplang jempling
Kuring nyaring teu ngenah cicing
Hate melang sumoreang
Kawih ati nu lawas patepang

Cuang cieung kuring sorangan
Nunggelis di pangumbaraan
Lieuk deungeun, lieuk lain
Taya pisan geusan pamuntangan

Rek sasambat kamana nya nyambat
Suwung dulur waluat sobat
Sangsang badan titipkeun nya diri
Iwal ti ka gusti yang widi

Hiliwirkeun duh angin peuting
Pang nepikeun hariring kuring
Ka jungjunan nu ngatosan
Buah ati nu keur rungsing peuting.