Mawar Bodas Lyrics | Dilirikin | Provides a wide range of lyrics ever

Mawar Bodas Lyrics

Mawar Bodas Lyrics Mapay jalan satapak Ngajugjug ka hiji lembur Henteu karasa capena Sabab aya nu diteang Hujan angin dor dar gelap Hun...

Mawar Bodas Lyrics


Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang


Hujan angin dor dar gelap
Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing


Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala


Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang


Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun
Mikiran pipanyakiteun.